Cumpona Jangji - Indra 'Agan' Sukmamika - a podcast by Digital Ministry GKP Bandung

from 2020-12-25T10:46:14

:: ::

Cumpona Jangji -  Indra 'Agan' Sukmamika

dibawakan dalam Kebaktian Natal GKP Jemaat Bandung 2020

Arransemen :  

Indra 'Agan" Sukmamika, Hadi Pranoto,  

Ardi Nugraha, Rangga Adhiputra, Andhika Rakmaputra, Robby Bazaro  



Tembong balad, balad ti sawarga

Para Malaikat kacida loba

Ting Haleuang maruji ka Allah

Mapag Jurusalamet nu sumping  

Saruka bungah umat manusa

Kristus tos medal ka alam dunya

di lembur Daud lahir sang Raja

Jurusalamet urang sadaya  



Tembong balad, balad ti sawarga

Para Malaikat kacida loba

Ting Haleuang maruji ka Allah

Mapag Jurusalamet nu sumping  

Mulyakeun Asmana Allah

Di langit anu Pang Luhurna

Di bumi sing aya kerta

Keur nu kamanah ku Manten-Na

Puji Gusti nu Maha Suci,  

Kiwari tos cumpon kana jangji

Sapertos Si'ar Para Nabi

Gusti Allah Kersa Mijalmi.  



Wilujeng Dinten Natal  Wilujeng Dinten Natal  

Dinten nu janten nugraha keur urang

Wilujeng Dinten Natal  Wilujeng Dinten Natal  

Wedalna Sang Jurusalamet Wujud kaasihna Allah  



Yu urang muji Gusti galumbira

Hayu urang maruji, pinuh suka bungah

Mulyakeun Mantenna Raja di Raja

Pangeran lumungsur ka alam dunya



**  



Produksi Komisi Pemuda-Remaja GKP Bandung 2020

Further episodes of Digital Ministry GKP Bandung

Further podcasts by Digital Ministry GKP Bandung

Website of Digital Ministry GKP Bandung